Minggu, Juli 12, 2009

Rasa timburu mangrupakeun salah sahiji nu nyabakeun munculna rasa was-was. ieu rasa mangrupakeun hiji haasrat keur dipikacinta ku hiji jalma ku cara-cara tertentu. Rasa timburu ieu bisa muncul kusabab ayana kakurang percayaan diri. (Dr. Wyne W., Screts for Sucess and Inner Peace, terjemahan ke bahasa Arab oleh Fauzi Wafa'. Cet. Muassasah Rose al-Yusuf, 2000)
Kuring atawa dulur-dulur pasti kungsi ngalaman nu namina timburu. Boh timburu ku direbutna papasangan ku batur atawa timburu ku kasuksesan batur. Timburu teh fitrah manusa nu aya di sakur jalma nu hirup. Malah saur hadits mah Allah ge ngagaduhan anu namina rasa timburu. kieu gening saur hadits anu disapakatan ku para muhaditsiin.

" Saenya-enyana Allah ngabogaan rasa timburu, kitu oge saurang mu'min oge ngabogaan rasa timburu. Allah ngarasa timburu mun ningali hiji mu'min ngagawean perkara-perkara nu diharamkeun ku Allah. " (Muttafaq 'alaih)

Timburu teu salah jeung fitrah. Tapi timburu nu teu salah mah timburu nu lain sakurna tmburu, saperti timburu anu akhirna kana iri dengki, tapi timburu nu alus mah nyaeta timburu kana perkara kaalusan. Contona timburu kana kaluhuran katakwaan jeung kaimanan ka Allah, timburu kana pagawean-pagawean alus anu urang mah can bisa ngalakonan, jeung sajabana.

kendalikeun rasa timburu. Tong nepikeun jadi duri di tengah jalan. nusuk-susuk kana langkah urang..

1 komentar:

Unknown mengatakan...

salam kenal..
komen balik blog saya yach???

 
Design by Wordpress Theme | Bloggerized by Free Blogger Templates | free samples without surveys